Wilujeng Sumping 

Kamis, 16 April 2009

Imah Sunda

Aya sababaraha (beberapa) rupa (jenis) wangunan sunda buhun (lama) teh, diantarana:

· Suhunan jolopong: suhunan nu lempeng (lurus). Mun basa indonesia mah, atap pelana. Siga (saperti) pelana kuda. (Suhunan Jolopong merupakan bentuk rumah yang atapnya memanjang), disebut oge (juga) suhunan panjang, gagajahan, jeung regol.
· Jogo (tagog) anjing: Wangunan anu bentukna saperti anjing keur jogo (duduk) Suhunan hareup (nu siga bangus/ mulut anjing) ngiuhan émpér imah (menutupi teras rumah).

· Badak heuay: Dedegna imah badak heuay rada deukeut ka jogo (tagog) anjing, ngan luhureun sirahnya aya ceulian-susuhunan tambahan, kahareup. (bentuk rumah badak heuay seperti tagog anjing tapi diatas kepala suhunan ada tambahan atau atap belakang dan depan menyerupai badak sedang menguap)

· Parahu kumureb: Potonganana (bentuknya) siga tangkuban parahu pisan, trapesium tibalik, di Tomo Sumedang, disebutna jubleg nangkub.


· Capit Gunting: Potongan imah anu tungtung suhunanana make kai atawa awi dicagakeun saperti gunting rek nyapit.
· Julang ngapak: Julang ngapak mun diténjo ti hareup (dari depan), suhunan kénca katuhuna (kanan kiri) siga jangjang (sayap) manuk, julang-suhunanana opat nyambung nu di sisi nyorondoy. Sambunganana di tengah, maké tambahan siga gunting muka di punclutna. (Julang ngapak seperti burung yang sedang terbang)

· Buka palayu: suhunan siga imah Betawi aya émpér (teras) panjang dihareup.
· Buka pongpok: rada mirip buka palayu, ngan pantona dirobah ka arah jalan

·Rupa-rupa Wangunan jeung Pamakéanana
Umum:

o gedong: imah alus (bagus) tur badag (gede) anu biasana ditémbok
o joglo: adegan imah leutik basajan (bentuk rumah kecil)
o balé kambang: imaha anu diwangun disaluhureun balong, jsb. ('kambang' 'ngambang'), (yang dibangun diatas kolam, empang, dll)
o poporogok: imah siga saung, leutik tapi lumayan
o pakuwon: pakarangan tur imah nu sorangan
o ranggon: saung anu luhur pisan kolongna atawa anu diwangun dina tangkal kai nu luhur
o régol: panto gedé lawang pakarangan (en:gate, de: tor)
o saung: adegan leutik, biasana teu didindingan, ayana di sawah, kebon, paranti reureuh.

Pamaréntahan:
o babancong: wangunan leutik di sisi alun-alun baheula, panggung paragi gegedén, ayeuna mah siga tempat nu nongton kelas VIP di stadion.
o balandongan: adegan samentara pikeun narima sémah dinu hajat atawa tempat hiburan.
o balé désa: kantor pamong désa (kantor desa)
o balé kota: kantor walikota atawa bupati
o balé watangan: pangadilan
o gedong songko: imah bupati baheula
o kadaton, karaton
o pandapa (pendopo): tepas lega bagian hareup gedong kawadanaan, balé kota, jsb.
o kaputrén: bumi jeung pasaréan (tempat tidur) putri raja
o kaputran: bumi jeung pasaréan putra raja
o bénténg: adegan anu tohaga, biasana ngurilingan kota pikeun nahan panarajang musuh
o bui, panjara: paragi ngerem jelema nu meunang hukuman.
Transportasi:
o hanggar: minangka garasi pikeun kapal udara
o stasion: pangeureunan (tempat berhenti) karéta
o halteu: pangeureunan beus

Tatani (pertanian) jeung Dagang:
o jongko, warung: tempat dagang, di pasar biasana eusina pinuh ku jongko
o palalangon: saung luhur di leuweung atawa di huma paranti ngintip sato atawa nungguan huma
o leuit: gudang tempat nyimpen paré
o gosali: tempat gawéna panday (pandai besi)
o bédéng: imah-imah atawa adegan leutik paragi nu digarawé proyék wangunan jeung di kebon (rumah kecil tempat orang yang bekerja di kebun/ proyek bangunan)

Sato (hewan):
o pakandangan: kandang gedé atawa nu loba kandang (kandang besar atau tempat yang didalamnya banyak kandang)
o gedogan, istal: kandang kuda
o karapyak: kandang munding (kerbau) atawa sapi nu dikurilingan ku pager
o pagupon: kandang japati (merpati)
o paranjé: kandang hayam (ayam)

Ibadah:
langgar, tajug
Masigit (masigit)
Gareja (greja)
Dioropea ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Wangunan_Sunda", & Ahmad Hadi

BASA SUNDA

1.1 Wangenan Basa

Naon ari basa téh?, pikeun ngajawab éta panalék, urang bisa ningal heula basa tina dua jihat, nya éta jihat ‘wangun’ jeung jihat ‘eusi’. Nilik kana wangunna, adegan lahirna (surface structure), basa téh mangrupa wujudiah sora kayaning foném, morfém, kecap, frasa, klausa, kalimah, jeung wacana nu diwangun ku alat ucap manusa mangrupa parole, sipatna hétérogén tur rélatip gancang robah.

Ari eusina, adegan batinna (deep structure), basa téh mangrupa komponén anu diwangun ku aturan kayaning aturan fonologi, morfologi, sintaksis, jeung semantik. Diwangun ku pikiran manusa mangrupa langue, sipatna homogén tur rélatip angger.

Jadi demi kana définisina nu dimaksud ‘Basa’ téh nya éta sistem lambang sora omongan anu dihasilkeun ku alat ucap manusa kalawan sistematis tur konvénsional antaranggota masarakatna pikeun tujuan komunikasi. (Sudaryat, 1991:1)

1.2 Pungsi Basa

Pungsi tina basa nya éta maksudna peran anu dicekel ku basa minangka alat komunikasi. Pungsi basa ieu bisa muncul dumasar kana sababaraha aspék, di antarana; 1) ayana panyatur, 2) ayana paregep, 3) ayana kontéks nu ditepikeun, 4) ayana kontak antara panyatur jeung paregep, 5) ayana kode, jeung 6) ayana amanat omongan nu ditepikeun.

1.3 Istilah ‘Sunda’

Basa Sunda téh nya éta salaku basa indung (mothertongue; first language) urang Sunda anu diparaké kénéh ku masarakatna boh di tatar Sunda, boh di luareun tatar Sunda. Tumali jeung kecap ‘Sunda’, aya sababaraha katerangan anu ngajelaskeun harti naon ari ‘Sunda’ téh?

G.P. Roufaer nétélakeun yén kecap ‘Sunda’ téh asalna tina basa Hindu (India), taya bédana jeung ngaran tempat-tempat séjénna nu aya di Indonesia. Ngarah leuwih jéntré harti jeung asalna kecap ‘Sunda’, urang titénan hiji-hijina, nya éta numutkeun basa Sansekerta, Kawi, Jawa, jeung basa Sundana sorangan.

a. Basa Sansekerta;

1) Sunda asal kecapna Sund hartina “caang, moncorong”

2) ngaran Déwa Wisnu, ngaran buta anakna Nikumba, ngaran hiji monyét (wanara).

b. Basa Kawi (Jawa Buhun);

hartina “cai, pangkat, tumpukan, waspada”

c. Basa Jawa;

hartina “numpuk, nyusun, ngarangkep, tunda, tumpakan, susunan, panundaan)

d. Basa Sunda;

dina basa Sunda buhun, kecap Sunda téh diécéskeun kieu:

1) Sa-unda, Satunda hartina “nunda, panundaan”

2) Sonda hartina “alus, panuju, punjul, senang, sugema”

3) Sundara hartina “geulis, kasép, pangkasépna”

4) Sunda hartina “éndah”

5) Sunda hartina “punjul tur alus”

Senin, 13 April 2009

ADAT ISTIADAT DINA NGAJURU DI TATAR PASUNDAN

A. Adat Anu Keur Reuneuh

Geus jadi kabiasaan di tatar sunda anu masih keneh nyepeng pageuh kana adat istiadat, saupama pamajikan jeung salaki anu dimana salaki ngarasa teu ngareunah awak jeung kahayangna teh daharna anu hasem-hasem utamana buah-buahan. Hal ieu aya tanda-tanda wirehna eta teh pamajikanana bakal reuneuh, kusabab kitu kajadian eta teh disebutna nyiram. Nyiram anu dialaman ku salakina teh kira-kira kana opat puluh poena. Satuluyna pamajikan bakal eureun karesebanana salila tilu bulan, lamun dua bulan mah eta can ka asup arek aya tanda-tanda reuneuh.

Sabada tilu bulan eureun tina kareseban bisa ka asup eta jalma keur nyiram. Nyiram asal muasalna tina ucapan nyiram pepelakan, maksud nyiram pepelakan sangkan eta pepelakan bisa lendo. Kaalaman nalika manehna keur nyiram awak bakal karasa laleuleus, sirah rariuet, gede ambek jeung loba anu dipikahayangna. Dina hal ieu salaki atawa kulawargana kudu bisa narima, sabar tur ngungkulan kana pasualan-pasualan anu bakal disanghareupan. Kulantaran eta nalika pamajikan ngarasa bendu kanu jadi salaki atawa ka kulawarga anu lian salaki kudu bisa ngama'lumna.

Pakakas anu sok dipake sapopoe samodel mutu jeung nu lianna kudu disumputkeun jeung dijauhkeun salian ti eta oge ningali anu keur gering, ziarah ka makam, ngalayat jelema anu maot jeung ningali sabangsaning sasatoan samodel monyat, lutung jeung si amang eta ulah pisan.

Palasipah ngeunaan larangan eta wirehna sabangsaning anu ditingali tur anu dilakukeun ku jelema anu keur nyiram bakal ngabalukarkeun nurut-buat artina lumaku anu geus dilakukeunana. Nalika jelema nu keur nyiram hayang anu dipikahayangna kudu ditedunan harita oge ulah diengke-engke bisi matak ngacay.

Nalika reuneuh geus tilu bulan nyieun bubur beureum jeung bodas. Palasipah anu nyangkaruk dina bubur beureum ngalambangkeun hawa napsu awewe ari palasipah bubur bodas ngalambangekun hawa nafsu lalaki. Sabab jadina anak teh bakal aya dua rupa hawa nafsu, kukituna neda piduana sangkan budakna teh dina jero beuteung bisa berkah tur salamet.

Nalika nincak kana opat bulanna sok diayakeun acara ketupat, tepat jeung tang-tang angin jeung teu meunang ngayakeun acara sadekahan.

Nalika nincak kana lima bulanna diayakeun kagiatan sadekah gabah atawa bangsal anu di tendeun dina jero bokor jeung ditutupan ku daun waluh. Palakiah dina eta hal miboga lambang sangkan musibah anu bakal datang henteu ka alaman. Salian acara kagiatan bangsal sok diayakeun nasi tumpeng jeung nasi uduk anu dijerona aya endok.

Nalika genep bulan teu aya kagiatan anu lian, nalika nincakna kana tujuh bulanna kudu pisan diayakeun sadekahan boh eta jalama anu beunghar atawa jelema biasa kudu pisan nyumponan kana eta hal, lamun henteu mampu kudu nyieun bubur bodas jeung bubur beureum pikeun disadekahkeun. Acara dina tujuh bulanan sok disebut acara tingkeban, tebus weteng atawa babarik. Tingkeban artina panutup, jadi lamun dieceskeun mah runtuyan kagiatan sedekah anu pamungkas. Tebus weteng artina mayar budak anu dijero beuteung indungna. Lamun babarik nyaeta babarengan nyalametkeun sangkan anu reuneuh bisa salamet.

Aturan dina acara tingkeban geus matok tur matuh kana katangtuanana biasana sok dilakukeun dina bulan hijriah anu aya tanggal tujuhna nyaeta tanggal 7, tanggal 17, tanggal 27. Anapon anu diperlukeun dina acara tingkeban mangrupa kadaharan samodel hui, bonteng, kacang, endok jeung lauk. Daging sasatoan sabangsaning daging domba, daging sapi jeung daging kerbau teu meunang pikeun acara tingkeban sabab bakal ngabalukarkeun nurutbuat, cacat atawa paehna bakal samodel sato anu geus dipeuncit.

Salain ti eta oge kudu aya serba tujuh nya eta kembang tujuh rupa, mayang pinang, daun andung ( hanjuang ), dau kelewi,daun kemuning, daun waluh gede, daun jawer kotok, daun jaringao, buah kalapa gading anu bisa diukir pikeun nyieun gambar wayang Arjuna atawa Sumbadra. Lamun teu bisa yieun wayang cukup wae nulis ngaran wayang eta.

Salian ti eta kudu aya jarum sakurang-kurangna tujuh anu tujuanna pikeun penyemat daun tempat rujak kanistren, nyaeta rujak anu ditutu rasana hanaut dijieun tina hui, cau ngora, cereme, jamu, balimbing, buah ngora. Salain ti eta oge kudu disadian kain panjang tujuh helai, belut tujuh siki. Elekan nya eta ruas bumbu anu leutik kira-kira sajengkal panjangna tujuh batang, ayakan tina awi tujuh siki, jeung nyadikaun pariuk paranti nyangu jeung cai atah anu dijero kendi. Anapaon dina prak-parakan pikeun mere sedekah dina jam tujuhan isuk-isuk atwa burit. Waktu pikeun sadekah kudu disadiakeun wadah cai anu gede di tendeun tujuh rupa kembang, dadaunan tujuh rupa, belut jeung rujak anu geus disadiakaeun tadi.

Geus sadia anu sagalarupa sarat pikeun acara tingkeban, masyarakat di ulem pikeun acara tingkeban, masyarakat anu ngahadiran ngaduakeun pikeun kasalamaten anu keur reuneuh sangkan bisa dilungsur langsarkeun dina ngajuru. Nalika rengse ngalaksanakeun acara tingkeban masyrakat anu ilubiung kana eta acara teu meunang balik saacan beres acara tur kudu kaluar anu geus disadiakaeun teu meunang kaluar tinu asup. Palasipah eta wirehna anu arek ngajuru teh bisa lungsur langsar tur bisa salamet. Salian ti eta oge runtuyan acara tingkeban teh mandian anu keur reuneh make kembang tujuh rupa anu miboga lambang atawa ma'na nya eta hirup, kakuatan, ningalina, ngadengena, nyaritana, perasaana jeung kahayangna.
Nalika nincak kana dalapan bulan teu aya kagiatan sedekah tapi diayakeun dina waktu nincak kasalapan bulan nyaeta ngayakeun acara sedekah bubur lolos nya eta bubur tepung anu dibungkus ku daun cau. Palasipah anu aya dina kagiatan eta sangkan lungsur-langsar nalika ngajuru.

Nalika nincak kana salapan bulan para sepuhna atawa salakina nyiapkeun mangrupa-rupa dadaunan atawa bebetian pikeun mersiapkeun nyanghareupan ngajuru anapon dadaunan anu diperlukeun nya eta pucuk daun singungu, daun teater, daun kemuning, daun ganas, pucuk daun awi tali, daun kahitutan, daun bau, daun sembung, daun jawer kotok, daun galing, daun urang-aring, sereh, daun tarawes jeung daun tilem. anu mangrupa bebetian nyaeta koneng santen,koneng gede, koneng temen, koneng hideung, koneng djoho, koneng bodas, lampuyang, laja, kunyit, panglay, katumbar jeung bawang bodas. Anu mangrupa akar-akaran nyaeta akar bawang putih, akar carulang, akar teter, akar kanjere, akar tapak liman, akar kiambang jeung akar dadap.
Mangrupa siki-sikian nyaeta siki jaat, peundeuy, beas ketan hideung, beas ketan beureum, pala cengkeh, rejek, djamuju, santen, rinu, mata hiang, ketumbar, tampar hantu.
Mangrupa kulit tanggkal nya eta tangkal sintok, pucuk masoji, kayu manis. salian ti eta oge pikeun nolak iblis anu sok remen ngaganggu samodel kuntilanak kudu nyadiakeun panglay jaringao, daun salam jeung jukut palias anu di gantungkeun dina tempat anu ngajuru.
Dina runtuyan kagiatan anu reuneuh anu sok dilakukaeun unggal bulan miboga ma'na jeung salian ti eta oge aya sababaraha palasipah tina unggal bulan nyaeta :

1.Bulan ka hiji disebut ngaherang nyaeta ngajadikeun suci atawa beresih dina basa agama nya eta alkah

2.Bulan kadua lumenggang nyaeta menjadi kental dina basa agama kasapah

3.Bulan katilu disebut kumambang dina basa agama mutpah.

4.Dina bulan ka opat gumulung nya eta ngajadikeun hiji dina basa agama amarullah.

5.Dina bulan kalima disebut mangrupa sabab dina bulan eta geus ngajadi mangrupa jelema.

6.Bulan ka genep disebut usik dina basa agama ahmad.

7.Dina bulan ka tujuh disebut malik artina geus sampurna anu ngawujud manusa jeung geus bisa gerak dina basa agama muhamad.

8.Dina bulan kadalapan disebut kumentar-mentir artina geus bisa neangan jalan kaluar dina basa agama muhammad.

9.Dina bulan kasalapan disebut ngaruangruang artina geus aya jalan pikeun kaluar tinggal nungguan waktuna kaluar dina basa agama Muhamad.

10.Akhir bulan kasalapan atawa bulan kasapuluh, kaluar anak eta sok desbut ngaran Rasulloh jeung kolot beheula.

Pamali anu nyampak nalika keur reuneuh nya eta :

1.Teu meunang sare dimana wae jeung teu meunang make bantal sabab bakal ngabalukarkeun hese nalika baris ngajuru.

2.Teu meunang ngadahar tutut bisi tunduh dina ngajuru.

3.Teu menunang diuk nangunjar bisi engke ngajuru eta orak suku tiheula

4.Teu meunang diuk dina hareupeun panto bisi hese ngajuru

5.Teu meunang diuk dina kulit domba, sapi, kerbau atawa diuk dina taneh teu make samak sabab bisa ngaluarkeun darah saacan ngajuru

6.Teu meunang mandi make raksukan baseh sabab bisi ngadatangkeun panayakit anu ngaluarkeun cai nalika ngajuru .

7.Teu meunang ngadahar telor kulub sabab anakna engke bisi bisul dina sirahna.

8.Teu meunang ngadahar ganas sabab bakal ngadatangkeun payakit atel dina pipina

9.Teu meunang ngadahar salak sabab engke bakal ngadangkeun panyakit koreng dina sirahna

10.Teu meunang ngasaan sayuran dina sendok bisi engke anakna goreng rupa.

11.Teu meunang nagkarak sabab bakal ngabalukarkeun engke budakna di lahirkeun dina kaayaan nagkarak

12.Teu meunang dahar belut engke bisi budakna ulin wae

13.Teu meunang dahar kapiting jeung lele bakal ngabalukarkeun anakna bertabiat harak

14.Teu meunang sare tibeurang bakal ngabalukarkeun engke ngajuru dina kayaan kotor

15.Teu meunang ningali anu maot bakal ngabalukarkeun budakna miboga rupa pucat jiga bangke

16.Teu meunang dahar anu lada-lada sabab ngbalukarkeun penyakit hese micen kokotor

17.Teu meunang dahar waluh sabab engke bisi gendut beutengna

18.Teu meunang nendeun gulungan samak sabab bakal di deukeutan ku kuntilanak

19.Teu meunang mawa botol dijingjing sabab bakal ngabalukarkeun sirahna leutik

20.Teu meunang dahar udang sabab bakal hese nalika ngajur.

B. Adat Dina Waktu Ngajuru

Lilana jalama anu reuneuh waktuna salapan bulan sapuluh poe anu dikawitan tina nyiram dugi ka waktuna ngajuru. Aya istilah ngaruang nya eta tanda arek ngajuru anu dimana beuteung karasa murilit jeung awak teu garareunah. Nalika kajadian eta datang didatangkeun paraji atawa Indung beurang. Istilah paraji miboga harti nya eta tukang atawa ahli dina ngurus anu arek ngajuru.

Nalika prak-prakan paraji biasana sok mawa kandjut kunang anu dijerona kunyit, bangle, djaringao, tali putih jeung peso. Aya palakiah kagiatan nalika baris ngajuru supaya lungsur langsar nyaeta:

1.Salakina kudu ngalungkeun endok tina arah sirah kana sukuna pamajikanana.

2.Nyieun djaropi anu ngagunakeun gayung anu disemburkeun kana emun-emun diterukeun kana puser beuteunga anu arek ngajuru bari ngalengkahan tur ngalungkeun gayung bari ngucapkeun "Hayu geuwat geura tuturkeun Bapa "

3.Nendeun keris borodjol tujuanna sangkan bisa kaluar ngaborojol samodel keris eta.

Nalika arek ngajurudina waktu peuting sangkan eweuh anu ngaganggu kanu arek ngajuru biasana salakina tataranjang tujuanna pikeun ngusir kuntilanak.

Dina prakna ngajuru lamun hese biasana eta ngajuru teh dititah diuk jongkok, diuk nangunjar, maksudna pikeun ngungkulan kana hesena ngajuru. Pikeun mikayaho kana waktu arek ngajuru biasa sok ngeueuman jukut fatimah anu ditendeun dina jawan eta maksudna sangkan bisa katingali anu dimana jukut fatimah ngarekah yen eta deuket kana arek ngajuru sabalikna lamun eta jukut teu ngarekah can bisa ditangtukeun iraha ngajuruna.

Waktu dina arek ngajuru teh 2 atawa 3 poe dina waktu eta biasana bakal kaluar cai kakawahan tur dibarengan kaluarna orok. Kaluarna orok anu salamet biasana sok diteundeun dina nyiru tur dibulenan ku calana bapana anu beresih palakiah eta teh sangkan engke budak engges gede henteu kadatangan ku mangrupa panyakit. Paraji biasana ngurus heula orok geus beres eta orok kakara diteruskeun ngurus indungna. Aya sabaraha kapercayaan ngeunaan waktu-waktu ngajuru nyaeta :

1.Poe ganjil eta biasana kudu kaalaman ku orok lalaki anu dimana tanggal 1,3,5,7 jeung waktuna 1,3,5,7

2.Orok anu dilahirkeun dina waktu beurang eta orok teh bakal beurangan, sabalikna orok eta dilahirkeun dina mangsa tipeuting eta orok teh bakal wanian

3.Orok dilahirkeun dina mangsa tengah beurang jeung tengah peuting eta orok bakal hese meunangkeun jodo, sabalikna poe isuk-isuk atawa peuting bakal gampang meunangkeun jodo.

Aya sababaraha pantangan anu geus ngajuru salila tilu bulan nyaeta :

1.Teu meunang ngadahar anu digoreng-goreng

2.Teu meunang ngadahar endog

3.Teu meunang ngadahar waluh gede sangkan henteu gede beuteungna jiga anu keur hamil

4.Teu meunang ngadahar cau

5.Teu meunang ngadahar anu hasem-hasem, sabab bakal tereh hamil deui

6.Teu meunang ngoyagkeun tilam orok sabab orok bakal ngarasa nyeri sirah atawa bakal datangna panyakit.

C. Adat Saenggeus Ngajuru

Saenggeus tilu atawa dalapan poe puserna geus coplok biasana sok diayakeun salametan bubur bodas jeung bubur beureum bari mere ngaran ka orok anu ku Indung Bapana dibere ngaran panghadena. Jelama anu cicingna di kampung biasana eta orok teh sok diaranan tina basa sunda nyaeta Misnem, Djakem, Usmin, Usri jeung nu lianna. Jalma anu tumut kana papagon agama biasana sok make ngaran anu ngaharib-harib kana agama Islam nyaeta Abdullah, Muhammad, Ali, Musa Yusuf. Dina mangsa agama hindu sok make ngaran Surya, Marta, Supria jeung Citra. Dina mangsa jaman Walanda biasana sok diaranan Edi, Hari, Herman, Anie, Jetty jeung Netty

Aya sababraha kapercayaan ngeunaan kana ngaran nya eta :

1.Nalika anu ngajuru tur orokna maot wae eta budak teh kudu diaranan Runtah, Kadut jeung Sarah

2.Nalika orok dilahirkeun dina mangsa safar eta orok sok panyakit sasapareun ( gede ambek ) eta orok kudu dibere ngaran Lele, Betok jeung Bulus, tujuanna sangkan eta orok teh bisa miboga kasabaran. Ngaran-ngaran eta bisa diganti nalika eta orok teh geus gede anu disebut tea "Neneh"

Salila puser ari-ari orok eta can leupas biasana anu ngurus eta orok teh paraji lamun geus leupas kakara anu ngurus eta orok teh Indung Bapana atawa kulawargana. Saenggeus ari-arina atawa puserna geus coplok eta orok teh di mandian dua kali sapoe jeung make bedak ku ubar sasawaneun ( bura beuweung ) anu geus disadiakeun dina mangsa reuneh salapan bulan. Maksud dibeudakan eta teh orok henteu bau. Kira-kira dina umur 15 poe di mandian make daun bayang jeung dahan dadap atawa tjangkring anu geus garing, tujuanna sangkan bulu miang gugur jeung ngalembutkeun kulitna. Dina bobogaan awewe orok eta biasana sok make jawer kotok tujuanna sangkan budak eta henteu boga panyakit kulit jeung henteu ngaluarkeun kokotor anu matak ngadatangkeun payakit gecet.

Jalma anu geus ngajuru teu meunang nginum cai atah sabab bakal ngabalukarkeun orokna utah-utahan. Kira-kira tilu peo atawa tujuh poe biasana anu geus ngajuru sok diayakeun ngurut anu dilakukeun saminggu sakali salila opat puluh poe nu diitung tina tujuh poena geus ngajuru.

Aya sababaraha tingkatan ngeunaan karancagean budak nya eta :

1.Dua bulan nangkarak

2.Tilu bulan nyangigir

3.Lima bulan nangkuban

4Genep bulan ngangsur

5.Tujuh bulan lenggong

6.Dalapan bulan ngarangkak

7. Salapan bulan diuk

8.Sapuluh bulan nangtung dibarengan ayana kaluar huntu

9.Dua belas bulan ngalengkah

10.Tilu belas bulan leumpang.

Senin, 06 April 2009

sesebutan dina cara ngasakan

- mubuy => ngasupkeun (hui, sampeu, jsb.) kana lebu panas.
- meuleum => ngasakan kadaharan ku jalan diantelkeun atawa dideukeutkeun kana seuneu, contona: ketan, jsb.
- manggang => meuleum anu dipanggang: said, maranggi, jsb.
- mais => ngasakan kadaharan, dibungkus ku daun cau tuluy dibubuykeun kana lebu panas atawa diseupan, contona pais lauk, pais hayam.
- ngagor éng => ngasakan kadaharan ku minyak kalapa, minyak susuk, mantega, jsb. anu panas, biasana dina katél, contona goreng tahu, goreng pisang, jsb.
- nyangray => ngasakan kadaharan dina kat él atawa talaw éngkar teu maké minyak, contona sangray suuk, sangray sangu, jsb.
- nyeupan => ngasakan kadaharan ku saab cai ngagolak: seupan daun sampeu, seupan daun gedang, jsb.
- ngulub => ngasakan kadaharan maké cai sina ngagolak: kulub suuk, kulub hui, jsb.
- ngabakar => ngasakan kadaharan dibeuleum dina parantian (open, jsb.).
- ngabolostron => ngasakan kadaharan ku cara dikusrukeun kana seuneu gedé, teu diolah heula.
- napi => meresihan béas maké nyiru ku gerakan-gerakan husus supaya kapiceun kokotorna (bubuk huut, keusik, gabah) atawa kapiceun beunyeurna.
- ngisikan => ngumbah beas nu rek dina sangu, biasana dina boboko, cai urut ngisikanana disebut cibéas.
- ngagigihan => nyeupan béas nepi ka satengah asak; gigih nyaéta sangu satengah asak.
- ngarih => ngaduk-ngaduk gigih bari dicaian ku cai ngagolak, supaya beukah, maké angarih.
- nyeupankeun => ngasupkeun kana aseupan, jsb. nepi ka asak.
- timus => sangu geus asak, cirina geus nyerebung saabna.
- ngakeul => ngurah-ngaréh sangu nu kakara dijait bari diteueul jeung dihihidan, ambéh pulen, biasana dina dulang atawa boboko.
- ngaliwet => ngasakan béas (nyangu) dina kastrol atawa panci henteu diseupankeun.
- ngahaneutkeun sangu => nyeupan sangu nu geus tiis.
- nimbel => ngalulun sangu nu haneut kénéh ku daun cau, supaya lila pulenna.
- nutup => nyieun sangu nu diakeulna dicampuran kadaharan séjén (oncom, jste) katut sambara supaya leuwih ngeunah atawa pikeun sasarap.
- ngagoreng sangu => ngasakan sangu ku cara digoréng maké sambara supaya leuwih ngeunah atawa pikeun sasarap.
- nyangray sangu => ngagoréng sangu teu maké minyak, supaya haneut.
- sangu poé => sangu sésa kamari.
- sangu beueuy => sangu nu rada beyé.
- sangu heuras => sangu nu kurang cai dina ngagigihanana.
- sangu pulen => sangu ngeunah, henteu béar jeung henteu beyé.
- sangu béar => sangu anu kurang atawa geus euweuh daya léngkétna.
- sangu anyar => sangu anu kakara nyait tina aseupan, jsb.
- congcot => sangu nu teu diakeul, ditamplokkeun tina seupan, jadi nyungcung persis saperti aseupan.
- buceng => puncak congcot.

17 rupa pupuh

1. Asmarandana ngarupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun rasa kabirahian, deudeuh asih, jeung nyaah.

Conto tembang

Eling-eling mangka eling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan bae
Raga taya pangawasa
Lamun kasasar lampah
Nafsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan

Eling-eling masing eling
Di dunya urang ngumbara
Laku lampah nu utama
Asih ka papada jalma
Ucap tekad reujeung lampah
Tingkah polah sing merenah
Runtut rukun sauyunan
Hirup jucung panggih jeung kamulyaan

2. Balakbak ngarupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun heureuy atawa banyol.

Conto tembang

Aya warung sisi jalan rame pisan; citameng
Awewena luas luis geulis pisan; ngagoreng
Lalakina-lalakina los ka pipir nyoo monyet; nyanggereng

Aya warung sisi jalan
Rame pisan ku nu jajan
Tihothat nu ngaladangan
Nu jarajan sukan-sukan

3. Dangdanggula ngarupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, jeung kagumbiraan.

Conto tembang

Mega beureum surupna geus burit
Ngalanglayung panas pipikiran
Cikur jangkung jahe koneng
Naha teu palay tepung
Sim abdi mah ngabeunying leutik
Ari ras cimataan
Gedong tengah laut
Ulah kapalang nya bela
Paripaos gunting pameulahan gambir
Kacipta salamina

Hiji basa, hiji bangsa
Basa bangsa, Indonesia
Hiji bangsa, hiji nusa
Nusa tunggal, Nusantara
Seler-seler, suku bangsa
Di wewengkon, mana-mana
Sakasuka, sakaduka
Wujud bangsa, Indonesia

4. Durma mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun rasa ambek, gedé haté, atawa sumanget.

Conto tembang

Moal ngejat sanajan ukur satapak
Geus dipasti ku jangji
Mun tacan laksana
Numpes musuh sarakah
Heunteu niat seja balik
Najan palastra
Mati di medan jurit

Di mamana si penjajah
Pada amarah marudah
Manan kapok anggur gawok
Najan dituyuk diragut
Nagri sadayana
Umumna ngabela
Nyempad rosa, pulitik penjajah
Tapi nu ngajajah
Teu pasrah, teu sadrah
Terus meres, ngahina ngarinah

5. Gambuh mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri.

Conto tembang

Ngahuleng banget bingung
Heunteu terang kamana nya indit
Turug-turug harita teh, enggeus burit
Panonpoe geus rek surup
Keueung sieun, aya meong

Hulang-huleng, hulang-huleng
Ngahuleng ngaraga meneng
Hate ratug, tutunggulan
Heunteu terang, kaler-kidul
Turug-turug, turug-turug
Harita teh, enggeus burit
Panonpoe geus rek surup
Keueung sieun aya meong

6. Gurisa mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung.

Conto tembang

Hayang teuing geura beurang
Geus beurang rek ka Sumedang
Nagih ka nu boga hutang
Mun meunang rek meuli soang
Tapi najan henteu meunang
Mo rek buru-buru mulang
Rek terus guguru nembang
Jeung diajar nabeuh gambang

Hayang teuing geura beurang
Geus beurang rek ka Sumedang
Nagih ka nu boga hutang
Mun meunang rek meuli soang
Tapi najan henteu meunang
Mo rek buru-buru mulang
Rek terus guguru nembang
Jeung diajar nabeuh gambang

7. Jurudemung mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun nu bingung, susah ku pilakueun.

Conto tembang

Mungguh nu hirup di dunya
Ku kersaning anu agung
Ku kersaning anu agung
Geus pinasti panggih
Geus pinasti
Geus pinasti panggih
Jeung dua rupa perkara
Senang paselang jeung bingung

Mungguh hirup di alam dunya
Ku kersaning anu agung
Geus pinasti bakal panggih
Suka bungah jeung kasedih
Dua rupa nu tumiba
Sakabeh jalma di dunya
Senang patumbu jeung bingung
Eta geus tangtu kasorang

8. Pupuh Kinanti mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun nu keur kesel nungguan, deudeupeun, atawa kanyaah.

Conto tembang

Budak leutik bisa ngapung
Babaku ngapungna peuting
Nguriling kakalayangan
Neangan nu amis-amis
Sarupaning bungbuahan
Naon bae nu kapanggih

Ari beurang ngagarantung
Pinuh dina dahan kai
Disarada patembalan
Nu kitu naon ngaranna

9. Ladrang mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.

Conto tembang

Aya hiji rupa sato leutik
Engkang-engkang, engkang-engkang
Sok luluncatan di cai
Ari bangun arek sarupa jeung lancah

Coba teguh masing telik
Eta gambar sidik-sidik
Sato naon kitu wanda
Reujeung dimana ayana

10. Lambang mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunana.

[édit] Conto tembang

Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Atuh teu payu dijual
Rek didahar da teu halal

Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Meunang kadal
Atuh teu payu dijual
Rek didahar da teu halal
Da teu halal

11. Magatru mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan.

Conto kahiji

Majalaya, Ciparay, Banjaran, Bandung
Kopo reujeung Cisondari
Cicalengka, Ujung Berung
Rajamandala, Cimahi
Leles, Limbangan, Tarogong

Conto kadua

Nun sumuhun nu iéu namina curuk
Nu sisi namina cingir
Nu tengah nami jajangkung
Nu deukeut cingir jariji
Anu pangageungna jempol

12. Maskumambang mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes haté.

Conto tembang

Hey manusa mana kaniyaya teuing
Teu aya rasrasan
Kawula make disumpit
Naha naon dosa kula

Naha abong-abong teuing
Nasib abdi jadi hewan
Digawekeun beurang peuting
Dirangket taya rasrasan

13. Mijil mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun kasedih tapi bari gedé harepan.

Conto tembang

Mesat ngapung putra Sang Arimbi
Jeung mega geus awor
Beuki lila beuki luhur bae
Larak-lirik ninggali ka bumi
Milari sang rai
Pangeran Bimanyu

Aduh Gusti nu Kawasa
Jisim abdi ageung dosa
Pangna abdi gering nangtung
Reh ka sepuh wantun nundung

14. Pangkur mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat.

Conto tembang

Seja nyaba ngalalana
Ngitung lembur ngajajah milangan kori
Heunteu puguh nu dijugjug
Balik paman sadaya
Nu timana tiluan semu rarusuh
Lurah begal ngawalonan
Aing ngaran Jayapati

Euleuh itu budak gembul
Awak gembru bayuhyuh gawena kedul
Ukur heuay jeung nundutan
Ka sakola unggal poe kabeurangan
He barudak tong nurutan
Ka nu gembul kokomoan
Bisi kedul jeung ogoan
Awal akhir katempuhan

15. Pucung mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan, atawa keuheul kulantaran teu panuju haté.

Conto tembang

Lutung buntung luncat kana tunggul gintung
Monyet loreng leupas luncat kana pager dengdek
Bajing kuning jaralang belang buntutna

Hayu batur urang diajar sing suhud
Ulah lalawora bisi engke henteu naek
Batur seuri urang sumegruk nalangsa

16. Sinom mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh.

Conto tembang

Warna-warna lauk empang
Aya nu sami jeung pingping
Pagulung patumpang-tumpang
Ratna Rengganis ninggali
Warnaning lauk cai
Lalawak pating suruwuk
Sepat pating karocepat
Julung-julung ngajalingjing
Sisi balong balingbing, sisi balungbang

Harta pada nareangan
Harti pada narabahan
Harta harti sarwa guna
Pada bisa mere bukti
Bisa hasil sapaneja
Sok nyumponan cita-cita
Harta harti song mangpaat
Dapon diraksa taliti

17. Wirangrong mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun nu kawiwirangan, éra ku polah sorangan.

Conto tembang

Barudak mangka ngalarti
Ulah rek kadalon-dalon
Enggon-enggon nungtut elmu
Mangka getol mangka tigin
Pibekeleun sarerea
Modal bakti ka nagara

He barudak mangka ngarti
Ulah rek kadalon-dalon
Nungtut elmu jeung pangarti
Masing rajin soson-soson
Pibekeleun hirup tandang
Modal bakti ka nagara
Lemah cai anu urang
Perlu dijaga dibela