Wilujeng Sumping 

Kamis, 16 April 2009

BASA SUNDA

1.1 Wangenan Basa

Naon ari basa téh?, pikeun ngajawab éta panalék, urang bisa ningal heula basa tina dua jihat, nya éta jihat ‘wangun’ jeung jihat ‘eusi’. Nilik kana wangunna, adegan lahirna (surface structure), basa téh mangrupa wujudiah sora kayaning foném, morfém, kecap, frasa, klausa, kalimah, jeung wacana nu diwangun ku alat ucap manusa mangrupa parole, sipatna hétérogén tur rélatip gancang robah.

Ari eusina, adegan batinna (deep structure), basa téh mangrupa komponén anu diwangun ku aturan kayaning aturan fonologi, morfologi, sintaksis, jeung semantik. Diwangun ku pikiran manusa mangrupa langue, sipatna homogén tur rélatip angger.

Jadi demi kana définisina nu dimaksud ‘Basa’ téh nya éta sistem lambang sora omongan anu dihasilkeun ku alat ucap manusa kalawan sistematis tur konvénsional antaranggota masarakatna pikeun tujuan komunikasi. (Sudaryat, 1991:1)

1.2 Pungsi Basa

Pungsi tina basa nya éta maksudna peran anu dicekel ku basa minangka alat komunikasi. Pungsi basa ieu bisa muncul dumasar kana sababaraha aspék, di antarana; 1) ayana panyatur, 2) ayana paregep, 3) ayana kontéks nu ditepikeun, 4) ayana kontak antara panyatur jeung paregep, 5) ayana kode, jeung 6) ayana amanat omongan nu ditepikeun.

1.3 Istilah ‘Sunda’

Basa Sunda téh nya éta salaku basa indung (mothertongue; first language) urang Sunda anu diparaké kénéh ku masarakatna boh di tatar Sunda, boh di luareun tatar Sunda. Tumali jeung kecap ‘Sunda’, aya sababaraha katerangan anu ngajelaskeun harti naon ari ‘Sunda’ téh?

G.P. Roufaer nétélakeun yén kecap ‘Sunda’ téh asalna tina basa Hindu (India), taya bédana jeung ngaran tempat-tempat séjénna nu aya di Indonesia. Ngarah leuwih jéntré harti jeung asalna kecap ‘Sunda’, urang titénan hiji-hijina, nya éta numutkeun basa Sansekerta, Kawi, Jawa, jeung basa Sundana sorangan.

a. Basa Sansekerta;

1) Sunda asal kecapna Sund hartina “caang, moncorong”

2) ngaran Déwa Wisnu, ngaran buta anakna Nikumba, ngaran hiji monyét (wanara).

b. Basa Kawi (Jawa Buhun);

hartina “cai, pangkat, tumpukan, waspada”

c. Basa Jawa;

hartina “numpuk, nyusun, ngarangkep, tunda, tumpakan, susunan, panundaan)

d. Basa Sunda;

dina basa Sunda buhun, kecap Sunda téh diécéskeun kieu:

1) Sa-unda, Satunda hartina “nunda, panundaan”

2) Sonda hartina “alus, panuju, punjul, senang, sugema”

3) Sundara hartina “geulis, kasép, pangkasépna”

4) Sunda hartina “éndah”

5) Sunda hartina “punjul tur alus”